Friday, October 01, 2004

poek mongkleng


geus kadenge sora nu ngagegero ti kamari,
sora anjeun nu keur ka kurung ku rasa sono.
ngan hanjakal, geulis
kuring oge sarua teu walakaya
nandangan kasono nu ngajirim poek mongkleng,
kuring didieu ngan bisa ngusapan hate
sugan jeung sugan panon poe isuk
mawa beja yen langit geus muka
panto pikeun urang duaan patepung...

wanci sono, okt '04

1 Comments:

Anonymous Anonymous said...

ijin kopas nya kang... sae pisan sajakna

21 June 2012 at 13:23  

Post a Comment

<< Home