Saturday, September 04, 2004

hampura akang, nyai. lain teu inget kana jalan balik, ngan ieu loba keneh ngaran jalan anu masih keneh kudu ku akang lampah. akang ge lain teu sono, atawa lain teu butuh ka anjeun, geulis. puguh akang oge di dieu keur lieur milangan nafas anu beuki sesek ku katresna ka anjeun.
keun bae lah, antep wae wanci2 nu ganjang pisan paburu_buru jeung angin nu nutug ka dasar gawir kahirupan. apan urang duaan mah rek nungguan bentang datang lain? sing sabar wae, tong loba ceurik atawa jurat_jerit, malah nambahan kasusah urang bae. nu penting ayeuna mah, sabar, tawakal, milangan tasbe, netepan, jeung sajabana, nepika datangna langit peuting anu pinuh ku bentang baranang. urang panen, keur si ujang jeung si eneng pageto..

0 Comments:

Post a Comment

<< Home