ngacaprak
teu karasa nya, waktu teh mani nyerelek pisan. kamari teh urang rarasaan mah masih aya keneh di lembur keur ngagolongan langlayangan. na, ari ayeuna, geus gede (ah enya kitu geus "gede" ? sok ngaku2 siah)urang geus nincak kana umur dewasa. geus kudu mikiran hirup sabenerna. eta mah daek teu daek, kudu !.
komo urang mah pan lalaki heuheuh? ( heueuh, kitu barudak !!. lalaki mah dimana2 oge kudu boga pagawean. tong ngerakeun ka tatangga. piraku pagawean teh ngadon gapleh jeung gapleh wae. atuh moal menang mojang euy.
nyaeta puguh, najan kumis can jadi sampurna oge, geuning ari lalaki mah kahayang na geus gede.teu kaop ningal mojang rada lengoh, sok hayang. nepi ka impi2, malah sok aya nu barang hudang kapaksa kudu mandi(ibun keneh padahal).wekdor siah.
tapi, teu kabeh pasualan jajaka teh masalah mojang wae. di luar eta, masih numpuk pasualan2 lain nu teu eleh beurat na. contona : pagawean, pendidikan, banda, jeung sajabana. komo lamun jadi jajaka jiga kuring mah, pas2an, ngepas, hehe. jadi kudu ngaluarkeun kabisa sataker kebek mun hayang rada bagja teh. duh, gusti hampura kuring nu so rada kurang syukuran.
tapi sakapeung mah urang sok bungah di takdirkeun jadi lalaki, kunaon sabab? cing jawab!. hahh (?) salah atuh eta mah. nu bener na, gara2 urang jadi lalaki, urang jadi bisa menikmati kumaha geulis na mojang, komo mun bari sholehah mah, pokona TOP lah, cocok.
btw, anjeun ngararti teu kana nu diobrolkeun ku urang di luhur ? mun masih lieur (jiga urang ayeuna yeuh, sirah keur ngebul,jiga nu udud) cobaan buka ieu geura.
yu ah, urang rek mayar warnet heula.
0 Comments:
Post a Comment
<< Home